Assalamualaikum Wr. Wb
Wilujeng Enjing Sadayana.
Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya
rerencangan, siswa kelas X nu dipikacinta.
Langkung ti payun mangga urang
sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang
sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa
kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.
Para wargi anu ku simkuring dipihormat.
Dina ieu waktos, abdi bade medar kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang
sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak
sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah
ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna ti kawit ayeuna pisan.
Urang kudu bersih atanapi suci tina
sagala kokotor. Bersih tina eta sadaya teh nu didadasaran tina bersih-sucina
diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kudu mikacinta
kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.
Para wargi anu mulya. Cekap sakitu nu
kapihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna
atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.
Hatur Nuhun Kana Perhatosanana
Wassalamualaikum wr.wb
0 komentar:
Posting Komentar