IBU DEWI SARTIKA
IBU Dewi Sartika dilahirkeurnana tanggal 4 Desember
1884 di kota Bandung.Ibuna Nyiraden Radjapermas, ari ramana Raden Somanagara,
Patih Bandung duanana turunan para bupati anu tedak-tumedak ti jaman Dipati
Ukur keneh nepi ka perang dunya kadua.
Ibu Dewi Sartika katelahna ku jalma rea mah Agan Dewi.
Agan teh sesebutan ka wargi-wargi dalem anu landes boh prya boh wanita,ari
putra-putra dalem disebutna mun priya aom,mun wanita juag.
Dina ka tompernakeun abad ka-19 wanita Sunda masih
dikungkung ku adat istiadat kuna anu turun-tumurun ti jaman ka jaman. Wanita
harita taya deui ancoanana ngan pikeun jadi „patih goah", tegesna ngurus
dahareun jeung sumujud ka salaki, supaya runtut-raut lambat-lambut nya laki
rabi.
Rupa-rupa elmu jeung kapinteran,saperti
maca,nulis,ngitung jsb. pikeun awewe mah basana teu perlu, da moal jadi juru
tulis.
Sanajan harita di ungga1-unggal dayeuh geus aya sakola
kabupaten hiji,tapi muridna lalaki wungkul,da awewe mah teu meunang loba codeka
cenah. Ngan ngaji anu dimeunangkeun teh,kitu oge nu ngaraji teh ngan anak menak
atawa nu beunghar sarta ngajina di saimahna-saimahna diadon ku guru
ngaji.
Sapoe-poe teh barudak awewe nu geus rada gede kudu
nguprek di imah bae,sagawe-gawe nu sakira perlu pibaringeun. Ana rajeun
indit-inditan,lamun dibawa ku kolotna. Cacampuran jeung pamuda babadanana
dianggap kalakuan nu goreng kabina-bina.
Upama nindak kana rumaja putri,komo lamun geus rek
dikawinkeun mah, parawan-parawan kudu bae dipingit,teu meunang bijil ka buruan-buruan
acan. Kitu biasana di kota. Ari di pasisian,lantaran kaayaan hirup kumbuh beda
deui, arang-arang aya nu dipingit teh,ngan cacampuran,sumawonna sakola mah teu
meunang.
Upama aya wanita nu bisa maca nulis teh alam harita
mah kacida anehna,teu beda jeung budak ngora buta huruf dina jaman ayeuna. Ari
nu sok aya wanita bisa maca,nulis ngan di bangsa menak,tapi lain diajar di
sakola,diajar di imah da bisi guyur salelembur ear sajajagat,ari sakola mah.
Kitu kaayaanana masarakat wanita di
Pasundan dina waktu Ibu Dewi dilahirkeun.Ti keur leutikna keneh geus
katembong,yen Ibu Dewi ngabogaan sipat nu langka kapanggih di barudak awewe
jaman harita:sajaba ngoprek jeung tetelepek,resep ka nu anyar-anyar,aya sumelap
sipat-sipat pamingpin deuih.
Rama Ibu Dewi,Raden Somanagara tea
kaasup ka menak anu resep kana kamajuan bob pikeun awewe boh pikeun lalaki. Ku
andjeunna kamanah,yen pangarti teh sarat mutlak pikeun kamajuan sewangsewangan
jeung kamajuan masarakat.
Jaba ti eta anjeunna tingali deuih,yen
masarakat wanita Sunda disengker ku adat kuna. Sing saha anu kaluar tina eta
sengkeran tangtu diaromongkeun,disebut nirca tina kaSundaan,teu mustail disebut
nyorang paharaman. Tapi sanajan kitu awahing nyaah ka putra, Ibu Dewi geblus
disakolakeun ka sakola Walanda.
Di sakolana Ibu Dewi kaasup kana murid
maju,saregep jeung dipikaresep ku babaturanana, anak-anak Walanda.
Sanggeus ramana pupus,Ibu Dewi diurus
ku uana ti ibu,nya eta Patih Aria Cicalengka. Didikan kaSundaan utama nu
dihanca di kapatihan Bandung,diteruskeun di kapatihan Cicalengka. Jaba ti eta
Ibu Dewi sok diwurukan paham-paham barat ku nyonya asisten residen.
Beuki gede beuki tembong bae,yen Ibu
Dewi teh ngabogaan bakat pikeun ngatik barudak, sarta karep nu cengeng kana
hayang maju. Di pipir gedong kapatihan anjeunna sok mindeng pisan
sasakolaan,ngajar maca nulis ka anak-anak badega kapatihan,malah
sakecap-kecapeun basa Walanda. Ari minangka borna panto kandang kareta,nulisna
ku areng, minangka sabakna beubeulahan kenteng,nulisna ku areng deuih.
Sanajan disebutna sasakolaan sarta
ngajarna jeung dialajarna bari ulin,ku sabab aya topek bawa ngajadi di nu jadi
guruna,teu burung aja hasilna:sababaraha urang anak-anak rencang nu barisaeun
maca jeung nulis.Ku kituna atuh dieuleuh-euleuh ku urang dayeuh,anak gandek
bisa maca nulis,tur guruna budak umur 10 taun. Da umumna mah istri-istri
priyayi oge loba anu „lalolong".
Ti barang aya pikiran hideng oge,Ibu
Dewi ujug-ujug katarik bae ku pagawean guru,basana resep. Komo sanggeus sok
sasakolaan mah,geus ngarasakeun hasil pagaweanana,kana jadi guru teh beuki
manteng bae.
0 komentar:
Posting Komentar