Minggu, 14 Juni 2015

Doa

Wayahna laksanakeun sholat sunnat hajat dua rokaat, rokaat kahiji, sareng kadua tos ngaos patihah aos surat Al-Ikhlas (kulhu) 10 kali. Tos aweh salam aos kulhu 100 kali teras ngadu’a ku bahasa sunda bae:
1.     Ya Alloh mugi ngadugikeun ka abdi sareng keluarga abdi ka makkatul mukarromah sareng madinatul munawwaroh kanggo ngalaksanakeun ibadah Haji sareng Umroh, sareng dugikeun ka Raodoh kanggo jaroh ka makom Rasulullah SAW, bari limpahkeun abdi sakeluarga kasehatan, kasalametan sareng kabarokahannana.
2.     Ya Alloh, abdi nitipkeun ka Gusti diri abdi sakeluarga sareng harta benda abdi sadayana mugi ku Gusti diraksa disalametkeun tina fitnah manusa fitnah jaman tina malapetaka dunya sareng siksa akherat.
3.     Ya Alloh, jantenkeun abdi sareng keluarga abdi jalmi-jalmi anu saroleh anu salobar anu tiasa syukur kana nikmat Gusti bari hirup abdi sadaya, rumah tangga abdi sadaya usaha abdi sadaya rizki abdi sadaya mugi dibunter ku barokah sareng rohmat Gusti.
4.     Ya Alloh, abdi sareng keluarga abdi mugi ku Gusti dibekelan ku bekel taqwa, sareng mugi Gusti nutupan kana kaawonan abdi sadaya, kana ka’aiban abdi sadaya, kana prilaku ucap lampah abdi sadaya anu teu sae kalih sajumlah dosa-perdosa abdi sareng keluarga mugi ku Gusti ditutupan ku tutup-tutup Gusti anu langkung sae bari riungkeun abdi sakeluarga dina rido rohmat kalih surga Gusti Amiin, Amiin, Amiin.
Catatan:
1.     Seuseurkeun di Mekkah sareng di Madinah terutami di makom-makom ijabah nyuhunkeun ARTOS KA ALLOH.
2.     Omat ieu du’a amalkeun ti ayeuna terutami di Mekah di makom-makom ijabah sareng Madinah di Mesjid Nabawi, sae pisan upami di makom Rasulullah SAW. Du’a abdi muga naon-naon anu dipimaksad ku sadayana jamaah sing di ijabah Alloh. Amiin.

0 komentar:

:a: :b: :c: :d: :e: :f: :g: :h: :i: :j: :k: :l: :m: :n:

Posting Komentar